Minggu, 29 Juli 2012

1. Pirgo :
Pagawean nu cocok : Dagang jengkol
Keuangan : Hambur pisan
Asmara : Teangan nu rada cageur.

2. Akuwarius :
Pagawean nu cocok : Dagang taraje jeung bilik
Keuangan : Eureunan unjam injem
Asmara : Sakedeung deui JOMBLO, dikepret calon MITOHA.

3. Piskes :
Pagawean nu cocok : Ngangkutan Galon cai,sakeupeung ngojeg ngiriman BBM con.
Keuangan : Loba urusan pancorokodod
Asmara : Ditolak deui,Anggeur teu pira pedah rorombeheun.

4. Ariyes : pagawean nu cocok : Ngamandian domba
Keuangan : Loba ngahutang,gaji kapotong wae
Asmara : Benekeun heula bengeut.

5. Tawurus :
Pagawean nu cocok : Ngored jukut keur parab embe jeung dagang lahang
Keuangan : Katipu baturan dekeut,kudu diruwat
Asmara : Teu payu-payu, ganti peletna.

6. Gemini :
Pagawean nu cocok: Ngurek belut, ngala tutut.
Keuangan: Bangkar, jujualan baju mitoha.
Asmara: ucrat-acret teuing...kabogoh diditu-didieu, euweuh nu eucreug.

7. Kanser :
Pagawean nu cocok: Macul, ngored.
Keuangan: sakarat, tereh bangkrut.
Asmara: Euweuh nu daekeun, modal ipis.

8. Leyo : Pagawean nu cocok: noelan tukang jajamu.
Keuangan: Ripuh pisan, teu saperak2 acan-.
Asmara: ati2 bakal kapelet, lawan ku dukun ti babakan cibelekok.

9. Libra : Pagawean nu cocok: ngorehan runtah atawa Tukang beling.
Keuangan: Teu becus euweuh gadag neang duit.
Asmara: malem minggu engke manehna keur hayangeun diwowoy peda beureum+peuteuy.

10. Sekorpio :
Pagawean nu cocok: Moe huntu di buruan sakapeung Menerkeun kenteng batur.
Keuangan: sarua jiga kamari boke,
Asmara: boga kabogoh panyakitan.

11. Sagitariyus : Pagawean nu cocok: Mersihan balong, mun keur halodo nyopet di pasar.
Keuangan: pamajikan ngadat menta tambahan resiko dapur.
Asmara: ditampilingan wae ku pamajikan,loba tatanya dukun jig!

12. Kaprikoren :
Pagawean nu cocok: Dagang kurupuk.
Keuangan: Pikawatireun, waspada debt kolektor!
Asmara : hambar...

Tidak ada komentar: